Rabu, 03 Desember 2008

Pangjajap

TI PANGARANG


Alhamdulillah, buku nu kadua teh medal oge. Tangtu, teu jiga nyoba medalkeun “Astrajingga Gugat” nu dramatis. Nu ieu mah asa leuwih ti kitu.

Unggal-unggal ngobrolkeun naskah nu rek dikumpulkeun jadi buku, biasana sok jeung Ki Adi, Daday, nu lain bae geten jeung tulaten tapi sumanget jeung kreativitasna ampir taya pareumna. Hiji kacilakaan tabrak lari nu tragis di Paseh Sumedang mawa Ki Adi jeung si Bungsu, Gofar Ridwan, maot syahid.

Ngupayakeun dokumentasi naskah-naskah nu siap dibukukeun teh ditandaan ku balikna kuring ti Bandung jeung hiji-hijina pangais bungsu nu nyesa, Joni Rahman, ka lembur. Seja maturan jeung ngahibur indung. Lambang “Kemucen” nu dijieun Daday naek jadi plang pabukon independen, nempel di luhureun panto imah sisi jalan raya di Rajagaluh. Minangka ciciren jeung pangeling-ngeling tina saulas gurat panineungan. Kuring loba diajar ti jenatna. Karasa kaleungitanana.

Pikeun kuring, gede pangaruhna leungitna Ki Adi. Oge sakaligus ngabuktikeun hiji pangarang asa taya hartina dina jagat kahirupan nalika ruas-ruas panyokona arucutan alatan papasten. Butuh waktu pikeun bisa tanggah, nyamunikeun cimata, ngabagi kabagja keur nu maca karyana.

*

Carita pondok nu midang dina ieu kumpulan samemehna kungsi dimuat di majalah Mangle jeung tabloid Galura. Malah sakapeung aya nu dimuat dua kali, lain ngahaja, pedah bae kuring mah salaku pangarang dina ngirim naskah teh hayang nempo karangan dimuat kalayan gancang. Atuh naskah “Koruptor” nu dikirim ka Mangle nalika dimuat ku Galura mah dijudulan “Lir Kiamat”, ku Aam Amilia, redakturna. Cenah bongan togmol pisan nyaritakeun hiji tokoh nu keur jadi kembang carita, lamun judulna henteu ganti jeung jalan caritana rada dipengkolkeun saeutik. Heuleut sabulan kakara dimuat di Mangle, weuteuh, nya judul nya eusi.

Dina unggal kasempetan ngobrolkeun karya, boh jeung Aam Amilia atawa Duduh Durahman ti Mangle, pikeun kuring mah gede hartina. Saregep, imeut bari nyatet unggal sawanganna. Puguh bae, kuring oge hayang boga karya nu enya-enya hade bari aya ajenna.

Pareng aya peluncuran buku carita pondok, samodel “Lalakon Bingbang” bogana Dian Hendrayana, “Anak Jadah” Cecep Burdansyah atawa “Pantun Pangrajah” Usman Supendi, kuring sok ngahaja datang. Hayang nyaho proses kreatif para pangarang sejen bari karanganana dipesek ku ahlina. Ongkoh kuring mah rumasa kaasup ‘manusa kurga’ alias kurang gaul. Hookeun bae ari aya acara samodel kitu teh, karasa mahalna, hebatna jeung mewahna. Boa moal kaalaman ku kuring nu saukur pangarang leutik.

*

Iwal ti carita pondok “Lilis Jeung Lilis”, nu lianna ditulis nalika kuring masih kuliah di S2 UPI Bandung. Mangkana titimangsana sok make ‘Gedong Pasca’, hiji trade mark nu ceuk Karna Yudibrata mah pikareueuseun. Harita mah memang kuring keur segut-segutna nulis lain bae dina wangun carita pondok, lian ti rea bahan teh. Hanjakal, kuliah teh teu bisa rengse. Elmuna teu kataekan.

Sabada kuring di lembur bet hese nulis teh, utamana nulis carita pondok. “Lilis Jeung Lilis” ku kuring ditulis bulan Juli di Cihampelas, nalika ulin bari silaturahmi ka pasantren Daarul Falah, Cililin. Bet jigana meunang barokah, da ku Mangle eta naskah teh meunang pangleler Carpon Pinilih bulan Agustus 2002.

Puguh asa kasinugrahaan atawa meunang panyombo, sabab nya di bulan eta pisan kuring kacilakaan nalika jajap bojo. Tilu bulan kudu istirahat sabada dirawat di bengkel tulang jeung saraf “Saingkal Putung” Cirebon.

Intina, jigana kuring teh sing loba istigfar. Sing asak tinimbangan bari sagala kudu enya-enya digarapna. Rea cita-cita nu teu kahontal, nu kudu geura-geura dikubur, bisi karugrag. Ongkoh awak teh ayeuna enya-enya karasa hengker.

Keur Eli jeung Rakaisa nu sabar jeung satia, muga-muga ieu karya bisa jadi bukti yen salila ieu “Ayah kerja” dibarengan ku cinta. Hiji gawe leutik, muga-muga Gusti Welas Asih ngagede-gedekeun.

*

Pustaka Kemucen, Rajagaluh

September 2002

Tidak ada komentar: