Rabu, 03 Desember 2008

Pangjajap

TI PANGARANG


Alhamdulillah, buku nu kadua teh medal oge. Tangtu, teu jiga nyoba medalkeun “Astrajingga Gugat” nu dramatis. Nu ieu mah asa leuwih ti kitu.

Unggal-unggal ngobrolkeun naskah nu rek dikumpulkeun jadi buku, biasana sok jeung Ki Adi, Daday, nu lain bae geten jeung tulaten tapi sumanget jeung kreativitasna ampir taya pareumna. Hiji kacilakaan tabrak lari nu tragis di Paseh Sumedang mawa Ki Adi jeung si Bungsu, Gofar Ridwan, maot syahid.

Ngupayakeun dokumentasi naskah-naskah nu siap dibukukeun teh ditandaan ku balikna kuring ti Bandung jeung hiji-hijina pangais bungsu nu nyesa, Joni Rahman, ka lembur. Seja maturan jeung ngahibur indung. Lambang “Kemucen” nu dijieun Daday naek jadi plang pabukon independen, nempel di luhureun panto imah sisi jalan raya di Rajagaluh. Minangka ciciren jeung pangeling-ngeling tina saulas gurat panineungan. Kuring loba diajar ti jenatna. Karasa kaleungitanana.

Pikeun kuring, gede pangaruhna leungitna Ki Adi. Oge sakaligus ngabuktikeun hiji pangarang asa taya hartina dina jagat kahirupan nalika ruas-ruas panyokona arucutan alatan papasten. Butuh waktu pikeun bisa tanggah, nyamunikeun cimata, ngabagi kabagja keur nu maca karyana.

*

Carita pondok nu midang dina ieu kumpulan samemehna kungsi dimuat di majalah Mangle jeung tabloid Galura. Malah sakapeung aya nu dimuat dua kali, lain ngahaja, pedah bae kuring mah salaku pangarang dina ngirim naskah teh hayang nempo karangan dimuat kalayan gancang. Atuh naskah “Koruptor” nu dikirim ka Mangle nalika dimuat ku Galura mah dijudulan “Lir Kiamat”, ku Aam Amilia, redakturna. Cenah bongan togmol pisan nyaritakeun hiji tokoh nu keur jadi kembang carita, lamun judulna henteu ganti jeung jalan caritana rada dipengkolkeun saeutik. Heuleut sabulan kakara dimuat di Mangle, weuteuh, nya judul nya eusi.

Dina unggal kasempetan ngobrolkeun karya, boh jeung Aam Amilia atawa Duduh Durahman ti Mangle, pikeun kuring mah gede hartina. Saregep, imeut bari nyatet unggal sawanganna. Puguh bae, kuring oge hayang boga karya nu enya-enya hade bari aya ajenna.

Pareng aya peluncuran buku carita pondok, samodel “Lalakon Bingbang” bogana Dian Hendrayana, “Anak Jadah” Cecep Burdansyah atawa “Pantun Pangrajah” Usman Supendi, kuring sok ngahaja datang. Hayang nyaho proses kreatif para pangarang sejen bari karanganana dipesek ku ahlina. Ongkoh kuring mah rumasa kaasup ‘manusa kurga’ alias kurang gaul. Hookeun bae ari aya acara samodel kitu teh, karasa mahalna, hebatna jeung mewahna. Boa moal kaalaman ku kuring nu saukur pangarang leutik.

*

Iwal ti carita pondok “Lilis Jeung Lilis”, nu lianna ditulis nalika kuring masih kuliah di S2 UPI Bandung. Mangkana titimangsana sok make ‘Gedong Pasca’, hiji trade mark nu ceuk Karna Yudibrata mah pikareueuseun. Harita mah memang kuring keur segut-segutna nulis lain bae dina wangun carita pondok, lian ti rea bahan teh. Hanjakal, kuliah teh teu bisa rengse. Elmuna teu kataekan.

Sabada kuring di lembur bet hese nulis teh, utamana nulis carita pondok. “Lilis Jeung Lilis” ku kuring ditulis bulan Juli di Cihampelas, nalika ulin bari silaturahmi ka pasantren Daarul Falah, Cililin. Bet jigana meunang barokah, da ku Mangle eta naskah teh meunang pangleler Carpon Pinilih bulan Agustus 2002.

Puguh asa kasinugrahaan atawa meunang panyombo, sabab nya di bulan eta pisan kuring kacilakaan nalika jajap bojo. Tilu bulan kudu istirahat sabada dirawat di bengkel tulang jeung saraf “Saingkal Putung” Cirebon.

Intina, jigana kuring teh sing loba istigfar. Sing asak tinimbangan bari sagala kudu enya-enya digarapna. Rea cita-cita nu teu kahontal, nu kudu geura-geura dikubur, bisi karugrag. Ongkoh awak teh ayeuna enya-enya karasa hengker.

Keur Eli jeung Rakaisa nu sabar jeung satia, muga-muga ieu karya bisa jadi bukti yen salila ieu “Ayah kerja” dibarengan ku cinta. Hiji gawe leutik, muga-muga Gusti Welas Asih ngagede-gedekeun.

*

Pustaka Kemucen, Rajagaluh

September 2002

Kemucen

Kemucen ( Wancahan tina Kebangkitan Muslim Cendekia), ngadeg taun 1999 minangka tarekah ngadokumentasi karya-karya Oom Somara de Uci nu bacacar di media massa mangrupa artikel, carita pondok, kolom, kartun, karikatur sareng sajak-sajak. Tarekah Dokumentasi eta diwujudkeun mangrupa buku nu Insya Alloh bakal mayeng dipedalkeun saban taun. Kadieunakeun Kemucen oge ngayakeun tarekah ngadokumentasi karya sawatara pangarang Rajagaluh, -karek bisa ‘nimu’ Juju Masunah nu nulis buku “Sawitri, Topeng Losari”(bade S3 di Amerika), Joni Ardiwinata (Cerpenis terbaik Kompas) sareng Insya Alloh, Hade Rustandi-, sarta ngayakeun sawatara kagiatan jeung ngupayakeun ngadegna fasilitas “Excelent Centre” mangrupa Book Rental sareng diskusi boh seni, sastra sareng agama. Tangtu peran nu dihanca ku eta cita-cita teh leutik keneh dina ngahanca gedena lolongkrang widang garapan. Pangrojong ti saha bae tangtos diantos. Hahalang nu utamana waragad jadi bangbaluh nu lain lumayan. Saheulaaneun mah nu rek “didagangkeun” teh mangrupa kahayang, sumanget jeung karya nyata. Alamat: Jl. Aryakamuning No.19 Rajagaluh 45472.

Oom Somara de Uci

TAH IEU JADAHNA!

Oom Somara de Uci, lahir di Rajagaluh-Majalengka, 11 Januari 1971. Putra ka-6 ti 9 putra pasangan Bapa Sujai Wangsadirdja - Nyai Uki Rukinah.

Alumnus IKIP Jakarta jurusan Sejarah (1996) sarta nyangking Mahasiswa Berprestasi di Fakultas IPS make skripsi nu judulna, ”Pemikiran Soedjatmoko Tentang Kesadaran Sejarah di Indonesia”. Kuliah S2 di Pasca Sarjana UPI Bandung, ngan teu rengse. Ceuk harewosna, elmuna teu kataekan. Tapi nu jelas mah beakeun bekel!

Mimiti nulis carita pondok saprak pindah sarta nyoba hirup di Bandung (1997). “Nu Balik Peupeutingan” mangrupa carita pondokna nu mimiti dimuat (Galura,1997), jeung “Dorna Moksa” (Mangle,1999). Ti dinya merul karya-karyana nu tuluy dibukukeun dina “Astrajingga Gugat” Kumpulan Carita Pondok Islami (2001).

Koruptor mangrupa kumpulan carita pondokna nu ka dua. Sapuluh carita pondokna dimuat dina ieu buku kalebet nu dileler Carpon Pinilih Mangle; “Kutamanggu” (2000) sareng “Lilis Jeung Lilis” (2002). Aya wanda anyar nu ditembongkeun dina carita-carita pondokna nu mawa misi atikan dibulen ku warna heureuy nu sopan (sic!), tapi kalan-kalan karasa pait, peuheur oge sakaligus gahar.

Lian ti mere panganteur kana buku Hade Rustandi, Cingcangkeling Umat Islam Nundutan, karyana oge aya dina buku antologi Carpon Mini Ti Pulpen Tepi Ka Pajaratan Cinta (Kiblat, 2002) jeung Kanagan (Gegersunten, 2003). Karya jeung proses kreatipna meunang perhatian dunya akademik. Kungsi ditaliti ku Senny Suzanna Alwasilah (PPS UPI Bandung, 2002) jadi bahan thesis, “The Creative Process of Writing: A Case Study of Three Indonesian Fiction Writers”.

Saprak kajadian maotna dua adi deukeutna dina hiji kacilakaan lalu lintas nu tragis di Sasakdua, Paseh-Sumedang, balik ka lembur sarta ngieun pabukon Pustaka Kemucen. Bari ngabeberah sepuh, masih produktif nulis sarta ngalola pabukon bareng jeung Joni Rahman, adi pangais nu jadi bungsu.